Minggu, 02 September 2007

Wilujeng Sumping

Assalamu'laikum warohmatullohi wabarokatuh

Alhamdulillahi robbil 'alamin. Washolatu wassalamu 'ala ashrofil anbiyai wa'alaa alihi wa ashhhabihi 'ajmain.

Sadaya puji kagungan Allah SWT, pangeran urang sadaya nu murba ing alam, nu mahawelas tur mahaasih. Solawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan alam, ka mahluk anu pangmulyana nyaeta Muhammad Rosulullah SAW.
Ngalangkungan ieu media urang tiasa tepang, tiasa silih tukeur informasi jsb. Fokus utama nu seja dikapayunkeun nyaeta informasi ngeunaan silsilah kulawarga Tubagus H. Abbas Sanusi anu sajatina Pun Aki ti Bapa. Tapi sim kuring ge fokus ka kulawarga kuring pribadi, maksadna kulawarga ti pihak pun bojo.
Ku kituna, manawa sareng manawi aya saderek-saderek anu masih aya kakaitan sareng anu diserat ku sim kuring, diantos pisan informasi sareng data-datana.
Wasalam.

Tidak ada komentar: